Elmu Karuhun Sunda
sampurasun nu kasuhun kawula nun Elmu Karuhun Sunda Wiwitan estuning luhung ka bina-bina, anu walatra tur kasakseni ku jalma rea. Nu ka impleng aya lima elmu karuhun : ka 1. Elmu Saepi ka 2. Elmu napak sancang ka 3. Elmu teu teurak di kadek atawa di tembak (kebal) ka 4. Elmu Rawa Rontek ka 5. Elmu Halimunan LIMA ELMU ieu baheula ku karuhun-karuhun urang sunda wiwitan. jadi bener-bener dibeuli ku PUASA jeung amaliyah. Jaman ayeuna geus langka anu baroga elmu kieu teh, jalma geus loba nu teu rineh jeung wanci hirup ngan saukur neangan khaliyah dunya. N gan elmu ieu teh teu bisa diperenahkeun jeung disampurnakeun kanu ageuman ajaran ISLAM sapertos : - Elmu saepi lain kudu bisa ngapung, tapi kudu Saepikiran atawa sae emutanana, jeung hade laku lampahna hade hate ka papada jalma. - Elmu napak sancang lain kudu bisa lumpat di luhur cai, tapi kudu bisa napak kanu sagala pakalangan, cindekna silaturahmi salah sahiji jalan pikeun nepungkeun jeung saha bae ummat manusa sajagat raya. - Elmu Teu