Elmu Karuhun Sunda

sampurasun nu kasuhun kawula nun

Elmu Karuhun Sunda Wiwitan estuning luhung ka bina-bina, anu walatra tur kasakseni ku jalma rea.

Nu ka impleng aya lima elmu karuhun :


ka 1. Elmu Saepi

ka 2. Elmu napak sancang

ka 3. Elmu teu teurak di kadek atawa di tembak (kebal)

ka 4. Elmu Rawa Rontek

ka 5. Elmu Halimunan


LIMA ELMU ieu baheula ku karuhun-karuhun urang sunda wiwitan. jadi bener-bener dibeuli ku PUASA jeung amaliyah.

Jaman ayeuna geus langka anu baroga elmu kieu teh, jalma geus loba nu teu rineh jeung wanci hirup ngan saukur neangan khaliyah dunya. Ngan elmu ieu teh teu bisa diperenahkeun jeung disampurnakeun kanu ageuman ajaran ISLAM sapertos :


- Elmu saepi 
lain kudu bisa ngapung, tapi kudu Saepikiran atawa sae emutanana, jeung hade laku lampahna hade hate ka papada jalma.

- Elmu napak sancang
lain kudu bisa lumpat di luhur cai, tapi kudu bisa napak kanu sagala pakalangan, cindekna silaturahmi salah sahiji jalan pikeun nepungkeun jeung saha bae ummat manusa sajagat raya.

- Elmu Teu teurak di kadek atawa di tembak
lain kudu teu teurak di kadek atawa di tembak ku pestol, bedil jeung sajabana, tapi kudu boga kalungguhan dinu hate nyaeta kuat pamadegan sorangan, boh dina nyanghareupan cocoba ujian dodoja carekan dihinaan dijejeleh disapirakeun difitenah jeung sajabana ka urang teu neurak atawa teu nembus di pangaruhan boh tinu ka alusan pon kitu deui tinu kagorengan ku saha wae oge.

Elmu Rawe Rontek
lain kudu bisa deukeut jeung taneuh supaya bisa hirup deui, tapi urang kudu inget dina hiji waktu bakal ngahiji jeung taneuh hartina urang kudu hirup ku huripna samemeh awak sakujur perlaya, sabab sagala rupa nu hirup tinu taneuh bakal balik deui jadi taneuh.

- Elmu Halimunan
lain kudu bisa ngaleungit tuluy teu katempo, tapi kudu bisa nyumputkeun semu boh pangabisa jeung pangaweruh sangkan elmu teu ngajadi ujub jeung takabur, cindekna kudu bisa nyumput dinu caang.

cag, sakitu nu kapihatur hapuntena tinu sagala kakurangan
wasalam


Jurnalis: Ki Blankon

Komentar

Postingan populer dari blog ini

aplikasi penddikan

PERATURAN /TATA TERTIB SMP NEGERI 4 TAROGONG KIDUL